Sampurasun....
Carpon
Gara-gara
laptop
Dihiji poẻ kuring bungah pisan, kuring
gaduh kahayang hoyong meuli laptop. Kuring ngabẻlaan nginjeum hp bagas “cor
cik nginjeum hp tẻh lah urang aya perlu baẻ teu?” “heeuh kop jung cokot wẻh
di kolong mẻja
urang” dirigdig kuring lempang ngadigdig ti harepeun kelas ka bangku si bagas,
kolotrak-kolotrek kuring kokoreh di bangku manẻhna nuloba runtah,ai pẻk.
di kolong na tẻh aya buku gambar manẻhna, ai ku kuring tẻh
di betot ẻta
bukuna srrrrttt buruluuu gebrug runtah jeung hp murag. Si bagas kukulutus “ai
manẻh
tong bari ngadat ai nginjeum tẻh!” “heeh henteu kehẻd
ah biasa we meni alay sia mah cor—“ kuring ngajawab bari seuri, kuring gera
gera nyokot ẻta
hp, kuring buka mbah gugle langsung toko bagus.
Kuring tẻh da kurang nyaho kana spẻsipikasi
laptop, “galih, lih kadiẻu gera sakedeung” kuring ngagorowok “na aya naon atuh ai
manẻh?”
ieu urang boga duit 3 jutaan hayang meunang laptop nẻangan di toko bagus ai pẻk
tẻh
ieu meunang, cik ai laptop jiga kieu hadẻ teu?” “ram 4gb processor intel core
i3” ku galih disebutkeun spesifikasina “kumaha ai maneh alus teu? Ngadon di
diktẻkeun
ai sia da aing gẻ bisa maca matak ayeuna SMA gẻ” “ nya kalem wẻh
atuh pan ku aing di baca heula, mun sakituma kaasup murah atuh ai manẻh
harga 3,4jt mah” “tapikan aing ngan aya 3jt ai manẻh?” “nya ajaran tawar atu ai
manẻh
jẻh,
matakna baca pang handap na geura harga nego no afgan!” “heeuh aing the
teungarti beul” “jug sms heula nomerna ku maneh”. Nat nit nat nit nut net
notttttttt kuring nuliskeun nomer hp na di hp cinitnit kuring, ku kuring di sms
“punten mang laptop acer v5-471 na aya kẻnẻh?” nitnit nitnit sora hp
disada “cik tong disoraan geleuh leheung mun hadẻ hp na” “heeuh din kalem”
kuring muka hp “aya a minat?” “muhun kang pangosna hoyong sabaraha” “ ai
kahoyong ma 3,4jt” “eleuh kuringna ge mung aya 2,7jt kumaha atuh?” “ah punten
moal sakituma mun 3,2 ma mangga waẻ candak” “ah embung ah mun 3jt ma
kuring maksakeun dẻk nginjem duit 300 kababaturan, kumaha?” “ah entong sok wẻh
3,1 ma?” ah moal ah sok wẻh
3 jt ku abdi di candak upami badẻ ma, mun moal ma nya bade nẻangan
nu sanes weh” “aduuuh kumahanya sakitu tẻh tos murah tp baẻ
welah candak kadieu da butuh duit kontan urangna” “ok kang cing mẻnta
alamatna” “plaza kosambi blok c no 38” “oh dagang di toko? Saya isukan ka ditu
kang” “okẻ
di antos”. “Lih isuk urang tingalian ah kaditu sugan wẻh barangna mulus cocok da
urang mah kurang ngarti kana elektronik matak anter heeuh lih”. Tẻngnẻng
nẻnẻnongnẻng
bapa iwan tẻngnẻng
nẻnẻnongnẻng
bapa iwan sora bẻl ngocẻak tanda waktuna balik.
**
Srtttt
blag panto imah di bukakeun “assalamu`alaikum!!! Mahhhh, mahhhh” “naon rin?
Artos tabungan badẻ di pakẻ ah ku abdi” “sabraha?” “3,2jt mah”
“eleuh gening meni seeur pisan keur naon?” “keur mẻsẻr laptop mah da nu basa itu
pan dijual da teu kapakẻ lebar, tah ayeunama butuh da seeur tugas nu kedah di
kerjakeun nganggẻ laptop” “meuli nu anyar weh jung palinggẻ
4jtaan” “ah wios weh badẻ ninggalan heula nu ieu, sugan wẻh saẻ kẻnẻh barangna alus nu dagangna
mulus hahaha” “ka awẻwẻ waẻ siah manẻh tẻh teu cukup ku mamah?” “har siapa
elo, elokan udah punya embẻb babẻh rahmat hahaha” “issss siah ka indung the tong kitu, nya
geus isuk tingalian heula barangna, isukan di pasihan artosna”. Saking bungahna
kuring, sapatu di alungkeun ka kamar blewer, bretek lumpat ka jamban mukakeun
sleting kaluarkeun *tuuuut* cerrrrr sora cai kaluar, bari kuring nyeletuk
“nikmatnya setelah menahan pipis dai tadi” slup nyiuk cai kana gayung keur
ngombẻhan
si jhon. Srtttt nyelẻtingkeun langsung leumpang ka kamar.
Krrẻẻẻẻẻẻẻẻkkkk cklek panto di
koncikeun da dẻk ganti baju, srkkkk srrrrkkk baju geus di pakẻ,
kuring naẻk
ka gunung kasur, bari ngalamunkeun poẻ isukan jigana tẻh
mun laptopna mulus bungah pisan moal nepika aya kata capẻ teu kapakẻ,
ngẻẻẻẻngg
sora reungit disada “euuuuh ngagangu waẻ kẻhẻd tẻh” kurubuk kurubuk lapar
gening poho can dahar. “mah masak naon?” “hayam” “dikanadang mah?” “di lebok ku
manẻh
koplok!” “hahahah santai brooo” crẻng komprẻng sora piring di adu. Kuring
nyiuk sangu terus nyokot hayam gorẻng mamahku lejjjaaat nikmat mantap
ditambahan sambel sareng lalab :D blewek nikmat pisan, aweuuuuuu kuring wareg
kamerkaan nepikeun kasarẻan di ruang tv. Teu aya nu ngageuingkeun nepika subuh. Pas
jam3 tiris nyelecep angin kana suku “paingan wẻh da kuring teu di kamar”,
hooooamhhhh hudang wẻh kuring ningali jam tẻh jam 3 subuh. Da tunduh kẻnẻh
gurudag grudug leumpang asa ngalayang, bari jeung gagaleongan satengah sadar
satengah waras lempang ka kasur, blug sret metot simut sarẻ
deui. Hudang hudang jam 8. Euuuuuuaaah nguliat bari kakarayapan neangan hp.
“lih jadi heeh?” “heeuh jeh hayu jam 11 nya” “ok broo”. Lung wẻh
simut teu di tilepan kuring lempang ka jamban gera nyiuk cai kana gayung crrẻẻẻẻt
srẻẻẻt
sora cai ngawasuh beungeut. Segaaaar jlag jlug kuring leumpang nyokot gelas
srokk gula currr cai panas clum enteh kolonẻng kolonẻng
koloneng kolaborasi sora gelas jeung sendok di adu alis ngocẻk.
Sruuuuupt awww panas gening, si mamah nyampeurkeun bari mawa amplop warna coklat.
“yeuh tah duit tẻh kadẻ leungitt tong di asupkeun kalokẻt geus kieu weh kanu tas
keun!” “siaap bos” jung gera mandi hela atuh kaburu beurang tuh geus jam 9”
“muhun” bari jeung hoream kuring nyelendangkeun anduk dina taktak. Gebyar gebyur
mandi. Pas ningali jam tẻh geus setengah 10. Buru buru kuring di baju teu karasa
waktu nyerẻlẻk
meni gancang. Langsung weh kuring dahar bari nga sms si galih, “lih buru
kadieu” “oke siap”
Bẻrẻs
dahar kuring ka garasi ngelap motor bari nungguan datangna si galih, geus bersih
cekekeszreng jrengjeng, cekekeszreng jrengjeng, hẻsẻ hirup wae ai pẻk
tẻh
titukang sora motor ai pas di rẻrẻt tẻh si galih, “hayu jeh caw
ayeuna makẻ
motor manẻh
ah” “heeh kalem teu hurung waẻ” “cing ah maenya cekekeszreng
jrengjeng ngeeeeng ieu hurung ayeuna ma geuning” “ẻhhh motor koplok” kalem urang
pamit heula ka indung. Kuring lumpat nyokot kantong jeung hẻlm
bari jeung teu bẻbẻja ka kolot. “hayu lih ah gancang cawww” ngeeeeengggg
kuring nu mawa motor.
**
Ai pas
nepi ka rumah sosis kuring karẻk inget teu mawa stnk jaba sim teu
boga. “jeh ai manẻh mawa stnk teu?” “heeuh karek inget teu mawa euy tp cuẻk
welah” “anjir mun di tilang tẻh bedo jeh lila deui” “heeuh kalem wẻ
atuh lah santaikan” jleeeb kuring rewas ningali di lẻdeng aya razia, di jero hatẻ
kuring nyeletuk “karẻk ge di omongkeun jaba teu mawa stnk sim teu aya kartu
pelajar teu boga”. Priiiiittttt prittt “tolong kepinggir dulu dek” “iaa om”
ceklẻk
muka helm turun tina motor di sisi jalan, ai kuring tẻh teu nyadar konci motor di
bawa ku pulisi. Kukuring di sampeurkeun “pa tolong urusin dulu pak masalahnya”
“heh kamu gak liat saya lagi tugas! Tunggu dulu disana sebentar!” kuring ngalẻos
nyampeurkrun si galih nu beunget melas pias kapanasan. “kumaha jeh?” “keheula
cenah dagoan kedeung” teu kungsi lila tidinya pulisi ẻta nilang deui prrriiiiiiiiiit
ka motor nu eweuh plat nomber tukangan. “yah kamu sini kedalam!” nitah ka jelma
nu anyar di tilang, ai pẻk tẻh jelma ẻta tẻh ngadon ngoprẻk
motor deuk masang plat nomer. Pulisi na nepak tarang “astagfirulloh masyaalloh
kamu gak denger saya nyuruh ke dalem?” nyamperkeun weh ka pulisi the, ai kuring
jeung si galih nempokeun ti luar transaksi eta nu mawa motor jeung pulisi di
jero pos ai pẻk tẻh jol mẻrẻ duit gocap baralik wẻh.
Kuring jeung si galih seseurian di luar.
Pulisi ẻta
kaluar ti pos “pa motor saya gimana urusannya?” “yang nilang kamu tuh saya atau
siapa dek! Cari aja yg nilangnya!” ai kuring tẻh geus ẻmosi nungguan lila pisan “bapa
jangan mempermainkan saya! Saya tuh gak tau orang nya yang saya tau tuh bapa
nyuruh saya kepinggir!” “kamu tuh melawan, tuh sanah yg itu orangnya” ngadigdig
kuring nyamperkeun ẻta pulisi awakna pendẻk hideung teu wibawa loba
kakebulan di jero hatẻ tẻh“teu
sieun ku pulisi jiga kieuma macem macem cẻntang wẻh ceuk si bapa gẻ”
plak plak di tepak taktak na ku kuring “pa mohon ijin kelanjutan masalah motor
saya” “oh iya de ay masuk aja ke dalam pos bari pulisina ngaleos kajero. Kuring
geus aral “lih siama dagoan wẻh motor, ieuma aing nu ngurus”. Bari
ambek kuring nyemperkeun ẻta pulisi di pos “slamat siang pak!” “ya siang dek, coba
perlihatkan stnk?” “gak bawa” “SIM” “gak punya” “ktp?” “belum bikin” KURING
NGAJAWAB KAB`EH PERTANYAAN MAK`E NADA NYENTAK BARI JEUNG TIIS ASA TEU
BOGA DOSA. “Kamu itu gimana sih bawa kendaraan surat surat gak ada!” “motor
saya gak bodong ko om surat surat ada Cuma gak kebawa!” “yasudah kamu maunya
gimana? Punya uang berapa? ” “enak aja uang tuh untuk apa harus jelas om!”
“kamu tuh berani ngejawab yah!” “apakah ada di undang-undang di tilang cara
damai memberi uang?” “kamu tuh ya! Kamu maunya gimana?” “saya ingin tunggu dulu
ayah saya di secapa mau antarkan surat motor, biar om berurusan dengan ayah
saya saja!” “memangnya ayah kamu kerja apa?” “keluarga saya aparat bapa saya
tentara kaka saya polisi bapa mau berhubungan sama yang mana!” “oh ayahnya
tentara dek?” pulisi ẻta ngajawab bari jeung cengar cengir teu puguh jiga nu
kasieunan “iya tunggu bentar lg nyampe, om jgn kmana-mana urusan aja dengan
ayah saya!” “gausah dek maaf ini kuncinya sekarang ade lanjut aja
perjalanannya” “tadi nantang om kok sekarang nyerah?” “udah de damai aja” “
yaudah makasih!” kuring ngaleos geus nasteung nyingharepan pulisi celeno ẻta.
Lih hayu lanjut ah tolol pulisi na gẻ, cekekeszreng jrengjeng “kumaha emang
jeh tadi?” “teuing eweuh kawani jir titah ngobrol jeng babeh urang ma embungeun
ciut” “ayeuna ma ka panto gerbang upi heula wẻh nyokot stnk lih”. Napas
kuring masih kẻnẻh naẻk turun ambek jaba nungguan bapa meni lila, euuuu kungsi
lila bapa turun tina mobil mikeun STNK “kumaha? Numana pulisina hayu datangan!”
“ah embung ah geus sorẻ kaburu tutup” “nya sok atuh kadẻ gera matakna” “ia siapppp”.
**
Geujlig sora standar dua motor di
pakẻ
keun, kuring ngayap kaunggal toko bari nanyaan eta toko, pẻk
tẻh
geus jauh kuurilingan eh kaliwat gera, langsung wẻh teu loba omong da geus
keuheul kunu tadi sigalih titah mariksaan laptop “tempoan heula lih” di tempoan
luarna di jumpalik keun laptop na di tempoan sẻgelna di cabutan batrẻna
di ajaran sagala aplikasi na. “lumayan jeh alus sakieumah” “tos weh pa abdina
tos carapẻ
deal waẻ
lah sakitu nyungkeun kwẻtansi sareng garansi wẻh” “muhun atuh garansina
1minggu waẻ
weh nya” kuring seuri ka si galih “lih maneh nempoan sẻgel?” “heeuh kunaon ẻmang?”
“mun dẻk
kawin bisa nempoan heula sẻgel calon pamajikan teu nya?” barakatak calawak kabeh sareuri
“hahahahah ai sia jeh parah” “lieur atuda euy pulisi kasebeleun pisan jd
nasteung waẻ
ka urang na hehehe” “ieu de kwẻtansina mangga candak barang na sing
kapakẻ
sing raos sareng artosna ka abdi sing aya berkahna ah” “muhun pa di tampi ah
bari badẻ
langsung uih wẻh pa” “muhun mangga”.
cekekeszreng
jrengjeng ngeeeeeng “hayu lih ah carapẻ kieu” “heeh hayu jaba geus burit” teu
jauh ti ẻta
tempat transaksi meuli laptop ojol ojol motor tẻh digas hampos brrrt
beebebeberrt motor ngaberebed jol pareum ai pas di buka tangki bẻngsinna
saat, astagfirulloh yaaloh ieu laptop tẻh naha jd ngagawekeun kieu. Leumpang
ngolẻang
ngadodorong motor, kesang nyaclakan bari katiupan ka kebulan, beuteung kuring
kukurubukan kalaparan, tikoro kuring garing kasaatan. Lengkahan suku ngalaunan
ngarasakeun awak geus kacapẻan, ai pas ngarẻrẻt ka hareup bray panon asa cẻnghar
ninggal aya pom bẻngsin “lih itu gening aya pom” “alah heeuh bari neangan
nginum istirahat heula jeh” “heeh hayu atu ah lumpatkeun da dekeut ieuh ges ka
ciri pisan” brẻtẻk kuring duaan lumpat ngadorong motor bari jeung pabeulit
ku kesang jeung sora hah hẻh hoh tina biwir. “allhamdulillah jeh nepi” “sok manẻh
euikeun bengsin yeuh duitna lih, urang ka indomaret heula meuli cai jeung roti,
kẻ
kuurang di dagoan di korsi indomaret lih” lempang ngadekeutan, kuring mukakeun
panto indomart ningnong selamat malam slamat berbelanja….. clok clok clok
kuring nyokot minuman sareng roti. Kuring leumpang ka kasir dẻk
mayar heula. “ya semuanya 32.000, sekalian ada promo coklat gratis alat
kontrasepsi mau?” “oh engga mbak udah itu aja” “ya trimakasih sampai jumpa
nanti lagi?”.
Katinggali
sigalih geus diuk di korsi nu di sadiaan indomart bari ngahuleng ciga biasana
beunget leleus ges kucel hahaha. Keclak keclek kuring ngalangnkah nyamperkeun
“yeuh lih ganjel perut heula” “nuhun jeh” krekkk sora sẻgel minuman kabuka glek glek
sora ai nginum karasa seger dina genggerong blewek sari roti kana baham, am am
am meni nikmat pisan. Di jero hatẻ kuring bersyukur “yaalloh
allhamdulillah kuring masi di pasihan sehat masih tiasa ngarasakeun ngeunahna
nginum jeung dahar. Da masih seeur mereun nu leuwih kalaparan kahausan
dibanding abdi, nuhun pisan ka ieu nikmat nu masih ku alloh pasihkeun”. “segar
heeuh lih?” “heeh hayu balik ah geus penuh suka duka kieu urang caw bisi kapeutingan
jeh” “heeh nuhun pisan lih bantuana, hampura ngarẻpotkeun” “heeuh jeh sarua
urang ge sok kitu”.
Teukarasa
geus tepi ka imah, si galih mondok ku kuring pasihan tuang langsung weh kakamar
kacapẻan
leleus sarẻẻẻẻẻ………………………….